Thursday, January 24, 2013

Contoh pupuh Asmarandana

Contoh pupuh Asmarandana

NATAMU

Yu, urang nyepeng tradisi,
nu luyu jeung peradaban,
tradisi nu alus bae,
nu ku urang dipageuhan,
pikeun kasalametan,
dina hirup campur gaul,
babarengan jeung sasaha.

Campur gaul kudu galib,
ngarah akur jeung sasaha,
henteu matak jadi goreng,
sabab carana sarua,
dina makena adat,
urang teu beda ti batur,
hirup lumrah sabiasa.

Urang kudu ati-ati,
mun hirup di masyarakat,
kudu engeuh kudu titen,
kana hak jeung kawajiban,
ulah beurat sabeulah,
ngeunah aing henteu batur,
sabab goreng ceuk agama.

Contoh pupuh Asmarandana.



Sunday, January 13, 2013

Sajak Bahasa Sunda - Di Sisi Jalan

Sajak Bahasa Sunda - Di Sisi Jalan


Di Sisi Jalan
Karya Rangga Rahardian

Manēhna diuk tungkul
di sisi jalan liliwatan kuring sakola
namprakkeun leungeun
ngasongkeun wadah
ka unggal jalma nu ngalalar
Bajuna kucel kuleuheu
kulitna kelang ku poē
panonnacelong ku kakolotan
di dinya, di sisi jalan
nyiar milik sahuapeun
Lamun berang
nya panonpoē anu marengan
cunduk peuting
nya hawa tiis anu nyimbutan

Tapi manēhna satia
ngeluk tungkul di dinya
teu sanak teu kulawarga
biheung saha nu daēk mikanyaah

Isuk harita manēhna angger di dinya
di sisi jalan liliwatan kuring sakola
"Dedeuh teuing, Nini! leu ti abdi!"
Cring, duit rēcēh murag kana rantangna


Sajak bahasa sunda
Sumber : Buku Piwulang Basa 4